Sabtu, 17 November 2012

Kongrés Pamuda Sunda I nu diayakeun ti tanggal 5, 6, jeung 7 Novémber di Bandung, mroklamasikeun:


Teungteuingeun eunteung beureum,
Keretas daluang Cina
Teungteuingeun deungeun-deungeun,
Neken téh kabina-bina
Paneungteuinganan deungeun dina dasawarsa
1950-an anu jadi kasangtukang diayakeunana
Kongrés Pamuda Sunda téh. Mimitina muncul isu
pulitik “non” jeung “co”. Urang Sunda dituduh “co”,
gawé bareng jeung Walanda dina mangsa revolusi
kamerdekaan taun 1945-1949. Hartina dituding
hianat kana perjoangan.
Terus dituduh provinsialistis jeung ngagegedékeun
sukuismeu deuih. Loba gegedén urang Sunda anu
digésér sacara teu étis tina kalungguhanana di
pamaréntahan di Tatar Sunda. Nu ngagantina
deungeun-deungeun anu tacan puguh
kamampuhna.
Gangguan kaamanan teu eureun-eureun.
Gorombolan Kartosuwiryo ngagalaksak padésaan.
Rajakaya rahayat dirampas, imahna diduruk,
nyawana didorhos (dipaténi). Nya loba urang
pasisian anu ngungsi ka kota-kota bari henteu
mawa bekel modal jeung kaparigelan. Puguh wé
hirupna kadungsang-dungsang.
Para nonoman nu rék nyiar pangarti ka paguron
luhur réa barebedanana. Hayang kuliah téh kudu
indit ka Yogyakarta atawa Jakarta. Harita mah di
lembur sorangan mah tacan renung paguron luhur
cara ayeuna. Aya gé ITB (Institut Téhnologi
Bandung), tapi da éta mah keur para nonoman sa-
Nusantara, katurug-turug ngan ngulik élmuning
téhnik baé.
***
TINA beurat ku bangbaluh, kuniang urang Sunda téh
hudang, terus singkil. Dug-deg organisasi
kasundaan anu udaganana pikeun ngabéla diri,
ngahadéan nasib, jeung merjoangkeun
pikahareupeun. Boh sepuh boh nonoman parahi
ngadegkeun organisasina masing-masing. Aya
Pangauban Sunda, Sunda Budaya, Daya Sunda,
Daya Mahasiswa Sunda, Nonoman Sunda, katut
Putra Sunda.
Sangkan henteu aing-aingan, organisasi urang
Sunda anu réa rupana téh aya nu meungkeut.
Sawatara organisasi ti kalangan sepuh ngahiji dina
Badan Musawarah Sunda (BMS) anu dipingpin ku
Mr. Iwa Kusuma Sumantri. Ari organisasi para
nonomanna ngahiji ngariung dina dapuran Front
Pamuda Sunda (FPS).
Gagasan Kongrés Pamuda Sunda jolna ti Ajip
Rosidi, anu harita umurna kakara 18 taun. Puguh
wé aya kasang tukangna. Harita sumebar pamflet
ti Front Pamuda Sunda anu ditawis ku Adeng S.
Kusumawijaya minangka Ketua Umum, katut Ajam
Syamsupraja, minangka Sekretaris Jenderal.
Pamflét téh kalawan ngagunakeun basa anu sugal
garihal eusina ngiritik, malah nyarékan ka
pamingpin Partéy Nasional Indonesia (PNI) Jawa
Barat, pamaréntah pusat (Présiden Sukarno), jeung
urang Jawa.
Réa nu méré koméntar, babakuna papada urang
Sunda. Aya nu panuju, aya deuih nu nolak kana
eusi jeung cara nepikeunana éta pamflét. Urang
Sunda parebut bener jeung urang Sunda.
Dina karéta api ka-Bandungkeun, pok Ajip nyarita
ka baladna, Olla S. Sumarna Putra, “Lamun kitu,
perelu pisan diayakeun hiji Kongrés, sangkan
sakabeh urang Sunda, tokoh-tokohna, bisa
madungdengkeun naon jeung kumaha kahayangna.
Ulah cara ayeuna, dibandunganana dina surat-
surat kabar nu paraséa téh bet Sunda pada Sunda,
pédah béda-béda pamanggih jeung kapentingan; nu
temahna mah baris ngarugikeun urang Sunda
umumna baé.”
Gagasan pikeun ngayakeun Kongrés, meunang
pangbagéa ti papada aktivis kasundaan. Prak
tatahar, antarana ku jalan ngariung di bumina
Létnan Kolonel Akil Prawiradirja, di Jalan Salatiga,
Jakarta. Ngariung deui di Bogor, di
panganjrekanana Saikin Suriawijaya, anu harita
masih keneh mahasiswa IPB (Institut Pertanian
Bogor), di Jalan Tampomas.
Nu ruang-riung téh sawatara pamuda katut
mahasiswa Sunda, babakuna anu dumuk di Bogor
jeung Jakarta. Aranjeunna mutuskeun, yén Kongrés
Pamuda Sunda baris diayakeun di Bandung, puseur
dayeuh Tatar Sunda, tur waktuna bulan Oktober
bari sakalian miéling Sumpah Pamuda.
Panitia katut rarancang Kongrés disusun dina
riungan di Gang Maksudi, Pabaki, Bandung, di
bumina Tatang Suriaatmaja, bulan Séptémber
1956. Nu ngariungna leuwih rempeg. Aya utusan ti
Jakarta, Bogor, Tasikmalaya, Ciamis, Cianjur,
jeung ti kota séjénna, sagédéngeun wawakil
pribumi ti Bandung.
Panitia Kongrés dipingpin ku R.A.F. (Rahmatullah
Ading Afandie) minangka Ketuana kalawan Tatang
Kosasih nu jadi Sékértarisna. Demi masalah anu
rék di-sawalakeun nyindekel kana tilu widang: (1)
kaamanan, (2) sosial ekonomi, jeung (2)
kabudayaan. Anu kapeto ngajejeranana nyaéta
Jerman Prawirawinata katut Hamara Éffendi dina
widang kaamanan, Sukhyar Tejasukmana katut
Dayat Harjakusumah dina widang sosial ékonomi,
jeung Buyung Saleh Puradisastra katut Mh.
Rustandi Kartakusuma dina widang kabudayaan.
Méméh prung Kongrés, panitia ngayakeun
sosialisasi Kongrés ka sakuliah Tatar Sunda,
sakalian umajak sangkan réa nu milu Kongrés. Ari
nu ngadongdon ka daérah-daérah téh aya sawelas
urang, nyaéta R.A.F., Tatang Kosasih, Saikin,
Alibasyah, Sanusi, Ajam Syamsupraja, Parma D.
Sunarya, Nana Sutresna, Utuy Tatang Sontani, Olla
S. Sumarna Putra, jeung Ajip Rosidi.
Umumna panarimaan ti urang daérah kayaning ti
Subang, Sumedang, Cirebon, Kuningan, Ciamis,
Tasik, Garut téh hadé pisan. Urang daérah gé
nyanggupan rék ngirimkeun utusanana. Sajeroning
kukurilingan téh anggota rombongan nyaksian
sorangan kumaha gangasna gorombolan
Kartosuwiryo jeung kumaha matak ngerikna
kasungkawa rahayat.
Luyu jeung nu geus ditataharkeun, Kongrés Pamuda
Sunda diayakeun di Bandung, tanggal 4-7
Nopember 1956. Acara pembukaaanna lumangsung
di Hotél Orient (kiwari geus sirna), Jalan Asia
Afrika. Ari sawalana mah lumangsung di gedong
YPK (Yayasan Pusat Kabudayaan), Jalan Naripan.
Dina prungna Kongrés, teu wudu réa pisan nu
miluna. Basa Kongrés dibuka nu nungkulan moal
kurang ti 300 urang. Lian ti utusan ti daérah-
daérah sa-Tatar Sunda (20 kabupatén jeung
kotabesar), aya deuih utusan ti Jakarta,
Yogyakarta, Semarang, jeung Tanjungpinang
minangka wawakil masarakat Sunda nu mangkuk
di éta kota. Dijumlah-jamléh, utusan nu datang ka
Kongrés téh 111 urang.
Gegedén gé sarumping. Ti antarana baé aya
Walikota Bandung, R. Enokh; Wakil Panglima TT III
(kiwari Kodam III Siliwangi) Letkol Sambas; Mentri
Dalam Negeri RI (anu munggaran) manten R.A.A.
Wiranatakusumah, Mentri Dalam Negeri manten
Sewaka, Mentri Pertahanan manten Mr. Iwa
Kusuma Sumantri, katut Kolonel Sukanda
Bratamanggala.
Basa biantara poéan muka Kongrés, 4 Nopember
1956, ba’da Magrib, Ketua Panitia R.A.F.
nyebutkeun, “Pamuda nyekel tanggung jawab anu
bangga dina sagala pasualan masarakat. Soal
daérah jadi hiji soal munel dina pasualan-pasualan
nasional. Masarakat Pasundan beuki dieu beuki
ramijud dina sagala lapangan. Beuki meuweuhna
rasa katugenah jeung kateusugema nu nyangkaruk
di lingkungan masarakat Sunda, ku meuweuhna
kapincangan-kapincangan nu karasa.
“Pasualan daérah teu bisa ngan wungkul dipasrah-
keun ka deungeun-deungeun, tapi pangpangna kudu
di-garap ku urang daerah pribadi… Panitia dibere
kawajib-an ngawujudkeun Kongrés Pamuda Sunda
nu tujuanana baris nyieun jalan nu kongkrit, nu
positif, enggoning me-reskeun ieu kaamanan
lembur matuh nu sakieu kacekek-na, pikeun
ngahadean sosial ekonomi nu sakieu ramijud-na,
sarta madungdengkeun soal kabudayaan Sunda,
anu ayeuna tanda hirupna téh pedah ngambekan
wungkul,
“Jadi… .ieu Kongrés sanés badé jadi aréna pikeun
ngaduregengkeun kateusugema, tapi bakal jadi
musawarah pikeun manggihan jalan-jalan anu
kongkrit pikeun ngubaran katugenah jeung
kateusugema nu aya, sarta pikeun nyegah timbulna
deui katugenah jeung kateusugema.”
Ti para gegedén, nu maparin biantara téh antarana
ti Kolonel Suprayogi minangka Pj. Panglima T.T. III
Siliwangi. Biantarana biantara tinulis anu
didugikeun ku Letkol. Sambas. Mr. Iwa Kusuma
Sumantri, Ketua Badan Musawarah Sunda, deuih nu
ngiring sasauran téh.
Saur Pj. Panglima T.T. Ill Siliwangi, “Waktu yang
Saudara-saudara pilih (di antara Sumpah Pemuda
dan Hari Pahlawan) … sangat tepat sekali. Tempat
yang Saudara-saudara pilih ialah kota Bandung,
ialah tempat di mana beberapa hari lagi akan
dilangsungkan pelantikan Dewan Konstituante,
Déwan yang akan menyusun Undang-undang Dasar
yang tetap bagi negara kita…
“Tidak ada gunanya kita marah karena
kekecewaan-kekecewaan yang telah dialami.
Tidak ada gunanya kita menyesali kesalahan-
kesalahan di masa lampau. Kekecewaan dan
kesalahan itu justru harus bisa kita pergunakan
untuk membenarkan langkah di masa depan,
supaya kesalahan jangan berulang, supaya
kekecewaan jangan melimpah.”
Ari saur Mr. Iwa Kusuma Sumantri, “Pamuda Sunda
perlu leuwih mentingkeun olah-raga keur
kaséhatanana, perlu leuwih mentingkeun
pangajaran keur ngangkat kanyahona, sarta perlu
leuwih giat digawé keur perékonomianana.
Sanajan kitu, ku lantaran urang Sunda hirup
kumbuh sarta berjuang babarengan jeung suku-
suku bangsa Indonesia lianna, tangtu baé rasa
kasundaanana kasengker ku rasa solidaritas jeung
suku-suku bangsa Indonésia nu séjén téa…
Tapi tangtu bae urang henteu sudi kasered batur,
henteu sudi jadi kékéséd batur. Ku lantaran éta
para nonoman Sunda ayeuna ngoréjat hudang
singkil taki-taki maju ka hareup dina sagala
lapangan élmu pengetahuan jeung perékonomian.
Di sawatara nagara séjén mah pulitik
nyanghareupan pasualan sukubangsa téh henteu
picik saperti di dieu. Basa jeung kamajuan suku-
suku bangsa téh kacida diperhatikeunana sarta
dimumuléna. Ngahaja diadegkeun akademi-
akademi suku bangsa nu ngulik basa-basana,
sajarahna sarta kabudayaanana. Malah tulisanana
nu geus tara dipaké ogé dihirupkeun deui sarta
dimumulé. Para nonomanana ngahaja
disarakolakeun maké ongkos nagara.”
UPAMA urang nyieun tingkesanana, aya
sababaraha hal anu mindeng ditepikeun ku nu milu
kongres. Tangtu baé pangna remen dibahas téh ku
lantaran dianggap penting minangka masalah
utama anu dianghareupan ku urang Sunda harita. Ti
antarana nu bisa ditingkeskeun téh nyaéta yén:
1. Rahayat anu jadi korban kateuamanan kudu
gancang dijait;
2. Wangunan nagara kesatuan, hadéna
dirobah jadi federasi;
3. Aya imperialismeu suku bangsa, tur tumali
jeung éta pagawé di Pasundan kudu urang Sunda;
4. Masalah non jeung co kudu
dileungitkeun;
5. Basa daérah kudu diundakkeun fungsina
dina pangajaran sakola, kitu deui medalkeun buku-
buku Sunda;
6. Urang Sunda perlu boga pahlawan (aya
urang Sunda anu diangkat jadi pahlawan nasional);
7. Perlu aya paguron luhur di Tatar Sunda
cara di Yogyakarta;
Anu penting dicatet téh deuih hasil Kongrés
Pamuda Sunda anu mangrupa proklamasi beunang
ngarumuskeun Séksi Kabudayaan, anu unina:
Kenging Edi s sukajati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar