Jumat, 16 November 2012

Kumpulan paribasa sunda

Kumpulan Pribahasa (Babasan/Paribasa) Sunda
Jeung Hartina . Seueur pisan pribahasa (babasan/
paribasa) sunda nu ku sim kuring hilap deui, maâ
€™lum hirup lain di tatar sunda nyarita loba teu
make sunda komo deuiﺁ pribahasa (babasan/
paribasa) sundaﺁ pastina oge jarang kapake.
Ayeuna sugan jeung sugan rek diajar
deui ﺁ pribahasa (babasan/paribasa) sunda. ---
manawi para wargi bade nambihan sumangga
diantos ---
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat
ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok
ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba
nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka
lemah cai.
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang
titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti
batur, kaciri dina laku lampahna jeung
omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur
sorangan.
Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan
ngandung maksud hayang mibandangaku baraya
batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih
kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan
hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna,
pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji
batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap
hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang
nyaruaan nu mulya.
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan
jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg
pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara
gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek,
jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu
pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain
lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu
moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon
bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener
bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat
sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun
keneh.
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di
panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede,
anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu
pohara gedena.
Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida
nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu
pohara hade galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga
sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga
nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon,
ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa
kajadian.
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa
kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh
gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan
penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya hate kadua leutik naksir.
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep
arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa
pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa
ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud,
turug turug aya pilantaraneun.
Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa
dihﺃ ©roan.
Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu
pinter moal sarua darajatna jeung
panghasilanana.
Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya,
ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh
kaera.
Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun
nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan
gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih
hate.
Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung
karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang
ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli
ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka
papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa
cilaka.
Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat
narimakeunana pohara narimakeunana kana
pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan
atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
Beureum paneureuy seuseut batan neureuy
keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun
maksud.
Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu
beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah
sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh
rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu
batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu
mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi
utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina
enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana,
lantaran aya kakuranganana atawa
karuksakanana.
Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet,
meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bobot pangayun timbang taraju kab ﺃ©h anu
dipigawﺃ© kudu pinuh tinimbangan.
Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu
gede.
Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur
diburuhan atawa digajih.
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok
ceceremed.
Buluan belut, jangjangan oray pamohalan
kajadian.
Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah
tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka
batur.
Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan
daek barangbere.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang
leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya
mah sok hayang ngahampura bae lamun aya
kasalahan teh.
Caang bulan dadamaran migawe nu kurang
mangpaat.
Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata,
henteu sampurna.
Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus
nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi
hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu
lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep,
euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak anu tadina rame kacida,
ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng
nacer.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku
batur.
Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu
gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur
naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan
eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu
nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri
urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku
dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila
jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila
lila oge tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara,
hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu
saluhureun harkatna, darajatna atawa
pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda
deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu
beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun
bapana henteu bageur.
Daek macok embung dipacok daek ngarah kana
rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina
atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede
kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang mangsi Susuganan
katuliskeun aya jodo (waris).
Dﺃ ©sa maca cara nagara mawa tata
Ngagambarkeun yﺃ ©n kaayaan jeung adat
kabiasaan di dﺃ ©sa jeung kota (nagara) tﺃ ©h
bﺃ ©da-b ﺃ©da.
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada
nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina
kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah
puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto
yen baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna
kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung
bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung disangka hade jeung
bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun
bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi
Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang
lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung
geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina,
dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur
ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik
keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi
pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur,
atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae,
kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi
salami.
Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu
kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi
prak ku sorangan henteu.
Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka
tatamu.
Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu
dawuh bae.
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh
kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur,
baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun
atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa
hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana
hate.
Gancang pincang kulantaran digawena buru buru
jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun
hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun
ngadengekeun.
Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab
dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa
kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu
didagoan.
Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul
bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake
pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung
ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung
karajinanana goreng.
Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran
boga kolot atawa baraya baleunghar ataw
jareneng.
Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa
kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden,
dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung,
eta jalma bisa nulungan ka urang ku
kabeungharan atawa kakawasaan.
Getas harupateun, pingges harepan Gampang
pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa
mah tegep ngan dangong dusun meledug.
Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig ,
dengki.
Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit
teu boga.
Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap
sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur
kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna
hayang dititah gawe sangkan seubeuh
baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh
anggeusna, euweuh beakna.
Gurat batu Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti
Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah
atawa boga dosa ka papada kawula.
Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade
tingkah lacuna.
Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu
hade balukarna hade jeung omongan nu goreng,
goreng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean
anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku
kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna
jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan
sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa
gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea
mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da
boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi
kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela
pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina
meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan
teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal
atawa haram.
Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok
gampang jeung gancang nerekab, kulantaran
umuna sok pabeja beja.
Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari
jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung
karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah
tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang laukna Maksud bisa
kahontal kalawan beres teu aya pihak anu
dirugikeun atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang
bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang herang kari mata, teuas teuas kari
bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari
miskina.
Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah,
ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heureut deuleu pondok l ﺃ©ngkah Ngagambarkeun
sundek kanyaho ku sabab henteu rﺃ©a
babandingan da kurung batok.
Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun
hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi
mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah
sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah
pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih
beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya
alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang
senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema
saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana
make papakean atawa perhiasan anu aralus.
Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti
pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti,
pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina, katinggang pangpung
dilebok maung, rambutna salambar, getihna
satetes, ambekanana sadami, agamana
darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun
sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana
(biasana sok dipake dina seserahan).
Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa
turunan menak jeung beunghar.
Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara
paurna.
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat
gobang Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut Gede kaera.
Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun,
pibalaieun atawa pibahayaeun.
Jabung tumalapung sabda tumapalang milu
nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan
omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho,
padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka
lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun
batur.
Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang
asing.
Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge
dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu
nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga
jeung peryoga.
Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana
unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu
ka dieu.
Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep
henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade
wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan
ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain
babad.
Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal
pihasileun.
Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal
jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan
pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria,
kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan,
kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik
kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan
teu boga salah jeung henteu milu ulubiung
perkarana.
Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di
urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona
ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir
tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung
pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade
dicaritakeun ti heula naon anu matak
pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun
teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah
sorangan anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut euweuh caerﺃ، .
Katempuhan buntut maung Batur anu salahna
atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu
nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu
embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun
panyerewedan.
Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka
batur teu kalawan sabar, malah bari ambek
ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu
ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu
matak sareukseuk panon.
Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu
bisa cicing.
Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di
kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta
tempat.
Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik
tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur
ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku
kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur
kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu
ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna
kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar
ninggalkeun eta pagawean.
Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna
jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese
kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean
(masalah).
Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain
lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku
jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu
dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka
ahlina/ kulawargana.
Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana,
ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu
goreng rupana.
Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung
maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh
dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh
pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur
meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis
badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang
terusterusan rugi bae.
Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna
teu balageur jeung teu balener, tangtu nu
dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran
Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu
pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu
gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga
mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit
hayam Kacida miskina.
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang
kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan
milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan
kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa
nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa
nyaluyukeun manﺃ©h jeung lingkungan anu anyar
dicicingan.
Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong
teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa
curiga.
Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung
hade tingkah lacuna.
Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan
kalawan asak.
Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu
ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa
goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku
Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae
buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha
jadina bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu
jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng
cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat,
ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat
cicing diimah bae.
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku
cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu
leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede
bae.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja
lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan
ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah
sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer aisan Gede
timbanganana, gede pangampurana.
Langsung saur bahe carek Sok gampang
ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan
pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang
sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Legok tapak genteng kadek Loba luangna
pangalamanana jeung kanyahona.
Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba
rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus
hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba
pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina
ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik burih euweuh kawani.
Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik
tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna
henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu
beunang disapirakeun sabab sanajan leutik
warugana, dina aya papaitna atawa bobor
karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema
najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran
jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi
ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur
jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong
bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya
kakurang.
Luncat mulang Teu beunang dicekelan
omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi
saenyana mah henteu.
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku
asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu
taya pihasileunana.
Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka
lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali
geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa
ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho
naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik
acan.
Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji
perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi
ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh
bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa
jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang
meunang kancra kalawan teu disangka sangka
meunang milik, darajat atawa kauntungan anu
leuwih gede.
Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh
salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi
teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan
tutulung ka batur nu keur susah atawa loba
kabutuh.
Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng
kulantaran hayang meunang anu alus, tapi
tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng,
ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun
mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya
ulah kaciri tea.
Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga
batur.
Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah
eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah
anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel
jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu
euweuh.
Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun
ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang
pihasileun.
Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun
ngalaksanakeun kahayang.
Monyet kapalingan jagong Tukang maling
kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah
nagrinah karoroncodan.
Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup
samemeh prak.
Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal
pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil
(asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina,
biasana dipake keur mayit nutupan liang-
liangan).
Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu
euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a
ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b
pasea, parerea omong.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal
moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun
teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun
hirup.
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya
di pangumbaraan/ panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina
waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu
kacida dipikameumeutna.
Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh
silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema
anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka
urang.
Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung
rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung
ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag
ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi
kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur
sangkan urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah
kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil
bae.
Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu
salah.
Nete semplek nincak semplak Ninggang dina
salah jeung rugi bae, turug turug kasusah
nambahan deuih.
Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah,
lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka
nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu
lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah,
sabab milu katarik kana perkara, milu adu
hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun
peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar
dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung
babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda picela Neangan
pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna
papisahan teu ngahiji deui.
Ngabﺃ ©jaan bulu tuur Ngab ﺃ©jaan jalma nu geus
nyahoeun.
Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa
ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan
kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu
di imah batur bae, anu saenyana mah ayana
tukang babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung
mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun
ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang areuy pohara
nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka
matak waas pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita
anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur
sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu
boga imah jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun
mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese
nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara
ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung
kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu
api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun
kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun
kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu
pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep
hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah
pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung
darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi
teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka
baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam
kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah
micarek Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu
boga.
Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis
mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya
batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu
satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah
payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa
henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar
rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun
duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste
disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak
Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna,
susak dahar susah make, tapi ari geus mulya
awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu
jadi dunungan.
Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek
atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka
anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa
pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan
atawa hukuman.
Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa
boga dua pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng
rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan
Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
nu hade jeung loba jasana ka diri urang,
dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku
kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu
keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri
ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu
keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan
ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh
salah.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani
jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema
anu keur alus milik.
Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-
paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu
boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema
oge taya bedana, sarua bae, mungguhing
wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak
boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya
prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu
ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban
pasalia, henteu nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu
geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek
meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu
leutik manahoreng meunang kauntungan atawa
bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih
atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun
darajatna jeung pangabogana.
Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan
anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung
teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag
diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek
dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya
bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga
dosa.
Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu
sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep
ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun
kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan
nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas
huntu geus ompong, tonggong geus bengkung
turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea
bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun,
pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu
(cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara
anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu
teu aya galurna.
Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung
dulur pahare-hare bae.
Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan
piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung
nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal
ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate
jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari
pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu
ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa
ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan,
babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
Menta pangampura jeung menta timbangan da
geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan
pancakakina.
Omong harus batan goong Beja the gancang naker
nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab
teh leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta
ganti pamadegan.
Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya
dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu
leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba
luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina
neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar
rejeki, teu daek silih seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih
belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang Arang gering.
Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku
panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot
pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina
nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang
mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan
jangjina.
Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu
bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka
jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu
lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh
robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung
kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu
bodo.
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu
pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran
hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna
meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan
dibawa kana pasamoan.
Poﺃ©k mongkl ﺃ ©ng buta rajin (atawa buta radin)
Poﺃ©k pisan.
Pondok jodo panjang baraya Saha ogﺃ © jodoh
urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh
aya jasa atawa menta buruhan memeh prak
digawe.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak,
tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu
diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran
hutang anu dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean
henteu jeung enya enya. Henteu ngandung
maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah
dipaido bae.
Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba
dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah
atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu
mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu
kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh
beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu
satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae
anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab
hasilna teu matak nyugemakeun.
Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait
samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa
disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng
mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa,
umuna tara tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra
kana jangji.
Saherang herangna cai beas Galibna hate teh
hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti
tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna cibeas, moal herang cara
cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan
sok tara hade deui cara bareto samemeh aya
pacengkadan.
Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung
gampang ngadek deuih.
Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae
anu matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu
Sapinter pinterna murid pangartina moal
ngaluhuran guru.
Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah
upamana ku sabab tepung jeung jalma anu
dipikacinta tapi kakara disidem dina hat ﺃ© baﺃ©,
tacan bruk-brak
Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu
boga naon naon pisan kulantaran geus embung
digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah
hayang keneh.
Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata
sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya
pacengkadan.
Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang
lingling, kurang saeundan.
Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-
aplak lega pisan
Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang
di bumi alam.
Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur
kurang manis.
Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki
anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora
keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu
tereh paeh.
Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti
pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu
tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan
hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba
kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya
jelema.
Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba
kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame,
sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh
jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana
jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean
pulisi).
Seukeut tambang manan gobang Sakumaha
gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat
mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur
amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug
ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae
ngambekna jadi tambah.
Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka
mana-mana
Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik
eutik acan.
Silih jenggut jeung nu gundul Mﺃ ©nta tulung ka
papada anu sarua butuhna atawa sarua papada
henteu boga.
Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik
anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya
pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan,
kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri
sorangan.
Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang
mah susah.
Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu
dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu,
henteu boga tanaga.
Taya halodo panyadapan taya eureuna
digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae
digelendeng atawa dicarekan).
Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-
sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena,
sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya
saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret,
tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu
susah.
Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik
eutik acan.
Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah
unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake
hayang ti salaki.
Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu
dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun
bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana
saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae,
teu ditanya tanya acan.
Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon
naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang
tengah Nya goreng rupana nya goreng
kalakuanana sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu
pipilueun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu
haram oge disaruakeun bae.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge
jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-
maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna teu puguh entep
seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah
paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab
balukarna alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro
aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo
acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa
boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran
ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal
ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut
kulantaran remen teuing digelendeng atawa
dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan,
pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan,
tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih
gede.
Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh
nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu
bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala
saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu
sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun
pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu
dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian
anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun
nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu
kaganggu ku naon naon.
Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta
nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan
boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena
mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh,
lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila
beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah
ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu
teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan
ngalakonan.
Ulah leutik hat ﺃ© Ulah sieun atawa putus
pangharepan.
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali
gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Kudu
nuturkeun ﺃ©tika anu aya.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah
kana rejeki meunang hese cape ladang kesang,
pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun
fitnah.
Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah
menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
Ulah rebutan kakawasaan
Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung
adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah
kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa
rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji
maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul
kabeh.
Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun
rakyat leutik.
Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa
anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka
anak incuna.
Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon
naon anu bakal kajadian.
Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang
wiwirang nau pohara gedena.
Sumber : Majalah Cupumanik

Tidak ada komentar:

Posting Komentar