Jumat, 16 November 2012


Lirik lagu Apocalipse grind - kandel kulit beungeut

Kandel kulit beungeut..!!
Jaman kiwari loba jalma nu teu gableg ka era
Tingkah polah manehna di dunya kacida nista
Pikeun manggih kagorengan ka sasama
Sangkan pikeuheuleun jalma-jalma
Manehna sarakah
Jalma bangkawarah
Hirupna teu merenah
Sangkan paeh teu meunang berkah
Sagala tingkah polah pasti aya wawalesna
Boh kahadean boh kagorengan
Moal burung aya ganjaranana
Ti gusti agung nu welas asih
Kandel kulit beungeut
Paribasa nu pantes keur jalma kandel kulit beungeut
Keur jalma nu teu gableg kaera
kandel kulit beungeut
Montong calutak ka batur
Kandel kulit beungeut
Montong ngalunjak ka batur
Teu cara aya butuhna
Ngadeukeutan aing
Teu cara aya hayangna
Ngadeukeutan aing
Saeutik-saeutik ngadeukeutan aing
Ngan aya perluna hungkul
Laknat,sia kudu di laknat
Laknat nepi ka liang lahat
Siksa,sia kudu di siksa
Siksa nepi ka liang lahat
Moal lila deui maneh hirup di dunya
Sabab loba nyusahkeun ka sasama

Tidak ada komentar:

Posting Komentar