Kamis, 15 November 2012

NINEUNG KA LEMAH CAI

Runggunukna lembur
pangumbaraan
Ayeuna tinggal urutna
Asa tingtrim hirup di lembur
Najan kaayaan sarwa walarat Memang kitu
kanyatanana
Teu beda hirup ditengah-tengah
upluk-aplakna sawarga kamewahan
Tapi karasa kacida hambar asa hirup
ditengah-tengah leuwi
Tapi tikoro teu weleh halabhab Sirung harepan
mimiti renung,
ngacambah jeroeun dada
Pikiran kusut sautak-saeutik mimiti
udar
Pajeulitna pikir nungtutan ku
nyaliksik diri Hirup lain saukur rek ngudag-
ngudag kalangkang heulang Batin kumalayang ka
lembur
Endah lemah sarakan nu jauh tina
ramena kota
Tempat pamungpungan leuwi
panineungan
Ngeusian lelembutan kuring Ti’isna angin gunung,
ngahiliwir
ngeundeuk-ngeundeuk daun
Sora ting keresek dina wirahma nu
kacida endahna
Daun enteh nu katebak angin, lir
gugupay alatan sono Kawas nu nganaha-naha,
kunaon
nambelarkeun lembur nyingkur
karang pamidangan Runggunukna lembur nu
tengtrem
tingtrim
Dikeliran ku paulna pasir-pasir nu
ngajungkiring hareupeun paulna
gunung
Ula-ileuna walungan nu caina herang awor jeung
seahna sora curug
Marengan ngerelekna cai pancuran
ditampian pamandian Lembur matuh nu geus lila teu
katincak
Teu weleh ngalangkang jadi
pamepes rempatna hate
Upluk-aplakna kebon enteh nu keur
rampak tina garulang kasilir ku angin halon
Bruh-breh patarenggangna hunuyur
jeung pasir Palataran harepan bruh-breh
ngalangkang
Lemah tempat kuring ngagoar
munggaran
Ayeuna rek diburu dijugjug deui
Rek muka lembaran hirup jeung kahirupan anyar
Tekad geus sadrah......
Rek masrahkeun kanya’ah ka lemah
sarakan
Lemah endah, sarakan pangbalikan
Lembur nu singkur, tengtrem
karaharjaan Detik ieu geus nitih kana wanci nu
mustari
Panceg pikeun mulang ka sarakan
Nutup lalakon nu kadalon-dalon
Bari terus muka lawang hanca
lumampah muru tengtrem tingtrim

Tidak ada komentar:

Posting Komentar