Sabtu, 24 November 2012

Nyundakeun urang sunda

Teu saeutik urang Sunda anu can manggih hartina
Sunda, kumaha mimitina, naon sababna disebut
Sunda, jeung teu sadar yen ngaran wewengkon
Sunda teh sabenerna mah ayeuna geus leungit
deui. Can aya kacaritakeun inohong Sunda anu
kabeuratan ku leungitna ngaran wewengkon Sunda
atawa Pasundan. Malah nepikeun ka ahli sajarah
Sunda oge lolobana lamun nulis buku anu eusina
sajarah di wewengkon Sunda make judul Sajarah
Jawa Barat. Aya naon jeung kunaon nepikeun ka
kitu, padahal eusina jelas-jelas samemeh
ngadegna Propinsi Jawa Barat, sedengkeun anu
disebut Jawa Barat mah henteu ngawakilan Tatar
Sunda segemblengna.
Ieu tulisan teu aya maksud pikeun mangaruhan
NKRI, tapi sabalikna pikeun nguatkeun NKRI kudu
aya rasa silih ajenan jeung silih hormat ka
indentitas masing-masing. Loba urang Sunda nu
ngarasa diteungteuinganan ku leungitna ngaran
Sunda atawa Pasundan sacara administratif.
Memang masih aya keneh ngaran Tatar Sunda
sacara de facto anu ti waktu ka waku mangkin
luntur. Ieu kanyataan teh ngahariwangkeun pisan,
lantaran geus kacontoan ku leungitna ngaran Sunda
Kalapa nu pernah ngadeg leuwih ti 10 abad. Lamun
teu percaya bisa dicobaan, misalna lamun rek indit
ka Jakarta aya nu nanya “Bade ka mana ?” lamun di
jawab “Bade ka Sunda Kalapa”, tangtuna bae anu
nanya teh bakal rungah-ringeuh atawa kerung.
Nujadi masalah dina tulisan ieu lain nanaon, tapi
perkara jati diri jeung eksistensi urang Sunda.
Memang ngarasa teu mernah aya etnis, aya
budaya, aya bahasa tapi teu boga wewengkon
sacara de jure.
Asal Usul Ngaran Sunda
Ngenaan ngaran Sunda sacara administratif teu
aya hubunganna jeung terminologi geografis anu
disebut Greater Sunda (Sumatra, Jawa, Kalimantan,
Sulawesi) jeung Lesser Sunda (Bali, NTB, NTT).
Ngan nu jelas mah nurutkeun sajarah, mimiti ayana
ngaran Sunda anu aya patalina jeung ngaran
tempat nyaeta sabada peristiwa pindahna puseur
karajaan Tarumanagara ku Sang Purnawarman
(raja katilu Tarumanagara) ti Jayasingapura
(Jasinga) ka dayeuh anyar nu dibere ngaran
Sundapura, hartina kota Sunda. Sedengkeun ngaran
Sunda sorangan asalna tina bahasa Sansekerta
sudha atawa sundha nu pihartieunnana beresih,
herang, murni, aya oge nu ngahartikeun cahaya
atawa cai. Eta kajadian teh di ahir abad kaopat, anu
dijieun dayeh anyar tempatna lewih ka palebah
kaler batan deyeuh heubeul ngadekeutan basisir,
anu aya aliran walungan Gomati jeung
Chandrabhaga (Prasasti Tugu, Cilincing).
Saterusna Sang Purnawarman nyieun palabuan,
ceuk dina sajaarah mah nyieun palabuan teh ti 15
Desember 398 nepikeun ka 11 Nopember 399
Masehi, jigana eta palabuan teh saterusna nu
disebut Sunda Kalapa tea. Eta ngaran Sunda Kalapa
oge ti saprak diganti ngarana jadi Batavia ku
Walanda teu balik deui, malahan nu saterusna
diganti jadi Jayakarta jeung Jakarta nepikeun ka
kiwari.
Sunda Jadi Ngaran Karajaan
Taun 669 Masehi Tarusbawa ngadeg jadi raja
ngaganti mitohana Sang Maharaja Linggawarman,
Raja ka-12 Tarumanagara, aya dua kajadian anu
penting dina sajarah Sunda. Kahiji Tarusbawa
nganganti ngaran karajaan Tarumanagara jadi
Sunda Sembawa, hartina tanah kabuyutan (nagri
tanah leluhur). Kadua mindahkeun dayeuh ti
Sundapura ka wewengkon pagunungan, mun
ayeuna mah nu disebut wewengkon Pakuan. Di
dayeuh anyar manehna ngawangun lima karaton nu
ukuran jeung bentukna sarua dijajarkeun. Masing-
masing karaton dibere ngaran Sri Bima, Punta,
Narayana, Madura jeung Suradipati. Timimiti harita
Sunda eksis jadi ngaran karajaan. Sedengkeun
dayeuh anyar tempat ngadegna lima karaton anu
ngajajar jadi purwa daksi ngaran Pajajaran.
Sunda Jadi Ngaran Etnis
Can aya referensi anu jelas ngenaan iraha
mimitina disebut etnis Sunda. Tapi lamun
nalungtik sajarah katukang, jiganamah dimimitian
ku ngadegna Sunda Sembawa. Sajarah sebutan
etnis Sunda nurutkeun panyawangan prosesna teu
jauh beda jeung ngadegna karajaan Sunda, ngan
bedana lamun sebutan karajaan Sunda aya proses
waktu anu tangtu ngukuhkeun ngaran karajaan ku
Tarusbawa, sedengkeun sebutan ngaran etnis
Sunda sacara alami. Jadi memang rada hese
nangtukeun titik awalna, lantaran aya patula
patalina jeung khas budaya, adat istiadat, bahasa
jsb. (jeung sajabana).
Wewengkon Sunda
Loba nu nganggap yen wewengkon Sunda identik
jeung wewengkon Jawa Barat baheula sememeh
pisah jeung Banten. Eta anggapan teh kaliru
lantaran anu disebut Jawa Barat mah nyaeta
wewengkon anyar anu dijieun henteu nurutkeun
indentitas etnis tapi nurutkeun Undang-undang
no.11 taun 1950.
Batas wewengkon Tatar Sunda pelebah kaler, kidul
jeung kolon mah teu hese maluruh lantaran
sakurilingna basisir. Ngan palebah wetan kudu
ditalungtik dina sajarah sabab batas Jawa barat
lain batas wewengkon tatar Sunda.
Aya sababaraha katerangan ngenaan wewengkon
Sunda anu bisa keneh dipaluruh diantarana
katerangan sajarah ‘Tragedi Bubat’, perjalanan
Bujangga Manik jeung waktu ngadegna Prabu
Gesan Ulun waktu dilantik jadi nalendra ahli waris
Pajajaran.
Tempat kajadian gugurna Raja Sunda Prabu Lingga
Buana waktu nyumponan janji jeung Raja Majapait
Hayam Wuruk. Waktu harita raja Sunda jeung raja
Majapait janji tepung di batas nagri anu disebut
Bubat pikeun ngalaksanakeun seserahan putri Diah
Pitaloka anu rek ditikah ku Hayam Wuruk. Ngan
hanjakal Hayam Wuruk jalir kana janji, antukna jadi
musibah anu saterusna diabadikeun dina sajarah
Sunda. Jadi lamun nurutkeun kajadian eta, batas
wewengkon Sunda palebah wetan nyaeta anu
disebut Bubat.
Catetan perjalanan Bujangga manik anu boga
ngaran aslina Prabu Jaya Pakuan. Sanajan
manehna jadi salah saurang prabu tapi hirupna
leuwih condong jadi resi. Waktu ngayakeun
perjaanan ngumbara mapay kabuyutan anu jadi
puseur agama Hindu ka palebah wetan nepi ka
wewengkon Majapait jeung Bali, aya catetan
perjalanan nu nyebutkeun mentas Cipamali pikeun
asup ka wewengkon Jawa. Ayeuna walungan
Cipamali teh mindeng di sebut kali Brebes jeung
kaasup ka wewengkon Jawa Tengah. Eta dokumen
perjalanan teh ditulis dina daun nipah mangrupa
puisi saloba 29 lambar, kiwari aya di perpustakaan
Bodleian, Oxford ti saprak tahun 1627 Masehi.
Waktu Prabu Geusan Ulun Raja Sumedang Larang
dilantik ku 4 Kandaga Lante ti Pakuan Pajajaran,
Geusan Ulun resmi jadi nalendra neruskeun
Pajajaran anu batas wewengkonna ; palebah kidul
laut kidul, palebah kaler laut kaler, palebah kulon
walungan Cisadane (batas Sumedang Larang
palebah kolon lantaran ti Cisadane ka kulon geus
jadi Kasultanan Banten), palebah wetan walungan
Cipamali. Eta katerangan batas wewengkon teh
ayeuna oge masih bisa dibaca di makam Geusan
Ulun Dayeuh Luhur Sumedang.
Leungitna Ngaran Sunda
Sabada rungkadna Karajaan Sunda Pajajaran,
ngaran wewengkon Sunda mimiti leungit. Memang
Sumedang Larang ngawarisan Pajajaran ngan
hanjakal geus teu ngawakilan Sunda deui. Karajaan
Sumedang Larang ngan ukur ngungkapkeun
eksistensi Pajajaran sacara emosional, yen
Pajajaran henteu ludes pisan.
Ngaran Sunda kungsi muncul deui dina taun 1947,
waktu harita R.M. Soeria Kartalegawa anu
samemehna pernah jadi bupati Garut
mroklamirkeun Republik Pasundan, jeung nu jadi
wali nagarana R.A.A.M. Wiranata Kusumah, malah
kungsi ngalaman sababaraha kali robah kabinet.
Saenggeusna dibubarkeun dina tanggal 11 Maret
1950, ngaran Sunda anu aya patula patali jeung
tempat, leungit lebeng teu muncul deui nepikeun ka
ayeuna.
Ngadegna Republik Pasundan ku Suria Kartalegawa
pernah jadi polemik, jadi bahan adu argumen
antara Rosihan Anwar jeung Asep Sjamsulbachri.
Rosihan Anwar nganggap yen Soeria Kartalegawa
tokoh penghianat, sedengkeun Asep Sjamsulbachri
sabalikna. Anu jadi masalah lain pasualan adu
argumen, tapi kunaon ngadegna Republik Pasundan
jadi perkara sedengkeun nagara bagian nu sejen
teu di ungkit-ungkit, padahal waktu harita
Indonesia teh nagara sarikat.
Hanjakal pisan ngaran wewengkon Sunda anu geus
pernah eksis kurang-leuwih 1000 taun leungit teu
kapuluk deui, jeung matak heran can aya
kasebutkeun dina sajarah ti baheula nepikeun ka
kiwari inohong Sunda kabeuratan ku leungitna
ngaran Sunda atawa Tatar Sunda. Hese kahartina,
berjuang nanjeurkeun nagara tapi mopohokeun
kana jati dirina, asa kuharianeun siga anu panuju
pisan kana leungitna ngaran Tatar Sunda.
Masalah sejen anu ayeuna keur karandapan ku
urang Sunda nyaeta perkara jatidiri. Umumna self
identity urang Sunda kurang kuat. Loba conto anu
bisa dibandungan di mana-mana, boh di Bandung
anu kaasup salah sahiji puseur wewengkon Sunda
kitu deui urang Sunda nu ngumbara di manca
nagara. Lamun nyambat atawa ngageroan kanu teu
wawuh malah kanu wawuh oge, bari jeung sarua
urang Sunda loba anu make mas atawa mba lain
kang, a, ayi, teteh atawa ceu. Jadi wajar lamun nu
sejen teu mirosea ka Sunda da urang Sunda
sorangan oge geus loba nu api lain.
Pasualan anu teu eleh ngahariwangkeun nana, loba
pisan nonoman Sunda nu teu apal kana sajarahna
sorangan. Sajaba ti eta hese neangan literatur
sajarah Sunda, komo deui literatur sajarah nu make
basa Sunda. Kaayaan urang sunda kiwari bisa
disebutkeun katurug katutuh. Malah dina taun 2006
mah pernah geunjleung aya anu ngakukeun
Kekaisaran Sunda Nusantara. Ku maca judulna oge
geus kacida pisan salahna, pangakuanna patukeur
jeung terminologi geografi. Hal ieu teh mere
indikasi yen maranehannana teu ngartieun kumaha
karajaan Sunda sabenerna baheula, ngan dikira-
kira ku sawangan anu salah.
Lamun dibandungan leuwih jauh, kaayaan Sunda
ayeuna ibarat poe anu rek surup, anu tina waktu ka
waktu ngalaman erosi boh dina ngaran, sajarah,
budaya kitu oge bahasa. Ngaran Sunda Kalapa teu
balik deui, ngaran wewengkon ngan tinggal
pangakuan wungkul, kana sajarah sorangan geus
loba anu teu apal, geus loba anu teu daek make
basa sorangan, majarkeun teh cenah basa Sunda
mah kampungan atawa alasan sejen anu rada
mernah, pokna teh era sieun salah. Komo kana
tulisan mah, geus bisa disebutkeun lapur, lantaran
geus hese neangan anu masih keneh bisa maca
jeung nulis aksara Sunda.
Urang Sunda Kudu Ngarobah Sikep
Handap asor, rengkuh ka batur, someah ka semah,
silih asih, silih asah jeung silih asuh anu geus jadi
filosof dina budaya Sunda sacara turun-tumurun.
Jiganamah dumasar kana filosofi eta urang Sunda
ngajenan pisan ka pihak deungeun, jadi kaharti
pisan lamun urang Sunda loba ngelehan maksudna
pikeun ngaragangan. Urang Sunda lamun boga
kahayang geus jadi kabiasaan leuwih tiheula sok
ngaragap hate deungeun. Ieu kanyataan
ngalahirkeun sindiran filosof anekdot ‘mangga
tipayun, mangga ngiringan’.
Sabenernamah pasifatan urang Sunda teu cocok
ulubiung dina politik praktis di Indonesia, lantaran
teu biasa ngarempak adat anu geus jadi kabiasaan,
sedengkeun dina politik praktis loba pisan usaha
terobosan baru jeung satekah polah nyingkirkeun
lawan politikna. Jadi urang Sunda anu ulubiung
dina politik praktis di Indonesia ibarat hirup di
habitat sejen. Jadi kaharti lamun loba anggota
wakil rayat di DPRD Jawa Barat loba lain urang
Sunda pituin.
Pikeun mertahankeun eksistensi Sunda di Tatar
Sunda, ti ayeuna ka hareup anu kasebut inohong
Sunda atawa anu boga pancen jadi pamimpin
wayahna kudu bisa ngarobah sikep dina harti
positif jeung kudu mikirkeun akibatna. Lantaran ku
saha deui Ki Sunda dipertahankeun lamun lain ku
urang Sunda Sorangan.
Dina kaayaan Tatar Sunda ayeuna nu geus
heterogen jeung pinuh ku persaingan, kudu
ninggalkeun gaya hirup model carita rayat Si
Kabayan anu pamalesan, hirup sahayuna, pinter-
pinter bodo, gawena ngan ngorek ceuli di tepas
imah, atawa Karnadi Bandar Bangkong anu loba
ngalamun, teu ngukur ka kujur jeung teu mikirkeun
akibatna.
Pikeun ngahudang rasa patriot di Tatar Sunda, teu
aya salahna lamun urang mieling jaman katukang.
Aya sababaraha urang tokoh Sunda anu salila
hirupna toh-tohan ngabela harga diri kasundaan
saperti Lingga Buana, Surawisesa, Jaya Perkasa
jeung nu sejenna. Ka beh dieuna aya oge
pamingpin Sunda anu ngabela rayat saperti
Pangeran Kornel. Eta kajadian sajarah anu atra
figur kapahlawanana aya hadena jadi bahan
kurikulum di sakola utamana pikeun muatan lokal.
Lantaran moal wanoh lamun teu wawuh, moal aya
rasa reueus kana kasundaan nana lamun teu apal
kana sajarahna sorangan.
Lamun generasi anyar ayeuna teu dihudang deui
kana jati dirina, teu mustahil dina waktu kahareup
anak incu bakal kaleungitan obor, ngan ukur bisa
nyarita ‘cenah mah urang teh katurunan Sunda’.
Antukna Ki Sunda teh leungit ngan kari ngaran nu
aya dina sajarah wungkul, kitu oge lamun masih
keneh aya literatur jeung sempet maca. ***
Daftar Pustaka
Anwar, H. Rosihan, Ph.D. Negara Pasundan Versi
Karta Legawa, Bandung : Pikiran Rakyat Edisi 12
Desember 2006.
Iskanadar, Yoseph. 1997. Sejarah Jawa Barat,
Bandung : CV Gerger Sunten
Polisi Datangi Rumah Aktivis Kekaisaran Sunda
Nusantara : Kompas Edisi 24 Mei 2006
Sjamsulbachri, H. Asep, Prof. Dr. Negara Pasundan
Versi Karta Legawa, Bandung : Pikiran Rakyat Edisi
8 Januari 2007
Wapedia, Bujangga Manik
http://caritakuring.wordpress.com/2009/05/13/
leungitna-ngaran-sunda-di-tatar-sunda/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar