Kamis, 28 Maret 2013

Ema

Ema Ukur du'a
Ema ukur cimata
Ema ukur tumarima
Ema pangjajap kanggo salira

Ukur kacinta ngahias amparan rasa
Kadeudeuh anu Katampi Lir mega nyimbutan rasa

Ya Allah anu welas anu asih mugia sing di bukakeun surga
Rumasa abdi baheula Ka ema Teu weleh baha dugi Ka pinuh kudosa dosa...

Ya Allah anu welas anu asih mugia di bukakeun surga
Abdi pangampura Sagala dosana ema
Caangkeun di alam baka caangkeun...


Selasa, 26 Maret 2013

Naha geuning Ema teh umurna Teu Lila

Kahirupan dieusi kurupa -rupa rasa ,rasa sedih,rasa bungah
nu datang silih gantian bari jeung teu nyaho datangna , teu nyaho ingkahna
poe ieu kuring sedih....duka isuk pageto mah
sedih teh dumeh enggal keneh dikantun ku pun Ema
hadena masih aya dulur jeung baraya nu silih upahan sangkan ulah sedih katutuluyan
jeungna deui salaku muslim teu diwenangkeun ku agama ngalulungkut kabingung jeung kasedih terus-terusan ...sok inget ka hiji lagu sunda ,mun seug di gerenteskeun danget ayeuna matak ngageri ati rambay cisoca.....
Aya mangsana datang
aya mangsana mulang
mulang jeung datang pinasti kasorang
najan hate pinuh ku kabeurat
ngagalindeng ngaturkeun wilujeung angkat
pileuleuyan.....pileuleuyan mugia patepang deui.........
Ema.........pileuleuyan wilujeng angkat
mugia anjeun aya dina karidhoan ALLAH Ta'ala
Amien...ya robal alamin

ti kuring nu keur tunggara
26 Maret 2013