Kamis, 15 November 2012

PANGARTOS IKET

Dina budaya Sunda, tutup sirah nu jadi identitas téh
salah sahijina nyaéta iket. Béhna geuning iket téh
lain ngan sakadar keur ngabaguded sirah tapi loba
wanda jeung hartina. Upamana di masarakat Baduy,
aya nu maké iket kelir bodas, aya deui nu make kelir
semu hideung, tangtu éta téh aya maksudna. Aya
nu nyebutkeun éta téh completio oppositorum,
kasadaran yén dunya téh alam papasangan, aya
beurang aya peuting, aya lalaki aya awéwé, aya
poék aya caang. Kecap iket boa saharti jeung ikat
dina basa Indonesia, pédah éta dipaké meungkeut
sirah. Ari cék kamus basa Sunda mah iket téh
hartina totopong atawa ukuran lawon nu rubakna
sarua jeung keur nyieun totopong, masagi, kurang
leuwih rubak jeung panjangna sameter. Rupa-rupa
ngaran jeung wanda iket, aya iket sasawit nyaéta
iket jeung samping kebat sawanda motif batikna,
iket tongtong nyaéta iket nu dibatik ngan sisina
wungkul ari tengahna ngagebleg hideung atawa
sisina hideung sedengkeun tengahna konéas konéng.
Demi wandana aya iket lohén, iket barangbang
semplak atawa iket runday, iket kuda ngencar, iket
parékos (nangka,
jéngkol) atawa paros, iket porténg jeung sajabana ti
éta. Iket lohén cék Danadibrata mah potongan
diiketna santri nu ti hareup mébér rubak, aya deui nu
nyebutkeun iket lohén teh gabungan tina iket parékos
nangka jeung parékos jéngkol. Kecap parékos
hartina tungtung bubungkusan nu semu
diparieuskeun jeung diringkeskeun, kitu deui dina
iket parékos hartina bagian lawon iket juru tilu nu
asalna ngambay ka tukang ditarik ka hareup nepi ka
nutupan sirah.. Iket kuda ngencar cék sakaol mah
leuwih loba dipaké ku budak ngora, lantaran cara
makéna leuwih gampang jeung kacirina dinamis.
Iket barangbang semplak loba dipaké ku para jawara
atawa ku bandar munding éta téh jaman baheula.
Kiwari asa mindeng deui ningali nu maké iket, duka
ngan sakadar panineungan atawa hayang jadi ciri
atawa identitas téa. Lajuning laku tutup sirah ti
bihari nepi ka kiwari, ti udeng, ketu, totopong, kopéah
nepi ka bolostrong pisan ganti ku golep sahédeng
ngalap kana mode potongan buuk. Gunta-ganti tutup
sirah luyu jeung robahna jaman.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar